Carpon bahasa Sunda sahrani
Babaturan deket Rano hiji wanci aya dua babaturan anu rakeut kacidaan nya éta rano jeung udin. Maranéhna ngabatur geus 3 taun lilana. Malih kalah loba ogé jalma anu nganggap manéhna téh duduluran, da saking akrabna. Unggal isuk saencan mangkat ka sakola, Rano sok nyampeur ka imah Rani sangkan bisa mangkat babarengan ka sakola. Beurangna manéhna boga jangji yén balik sakola téh rék nyimpang heula ka super markét nu teu jauh jeung sakolana. Manéhna kadinya téh boga maksad rék meulikeun kuéh jeung baju keur ninina si Rano . Ari ninina si jalmRano téha bageur, akuan pisan ari ka Rani téh, sanajan lain cucuna ogé. Lain éta hungkul, kadang mah ninina rano ogé sok meré naséhat jeung duit jajan ka maranéhna duaan. Wanci geus nunjukeun jam 3 soré, tapi udin can aya kenéh waé kabarna, Dinda ngadagoan di gang sakola bari maca novél nu di bawa dina tasna. Maca novél téh émang ka résep Dinda, béda jeung Rani mah anu leuwih resep maén baskét. Sanajan béda karesep, tapi manéhna kacida akurna. La...